vendredi 21 mars 2014

Rahayat Banten Ngayakeun Kongres Kadua


Bejana mah geus sababaraha minggu kaliwat. Bejana pabeja-beja papada urang Banten. Kadieunakeun rada cekas eta beja, yen urang Banten rek ngayakeun hajat nu rosa gedena. Kadengena mani hakheuk di mamana, haliwu ti elor ka kidul, ti wetan ka kulon di sabuderan Banten. Duka naon pasalna, tapi sigana mah -ieu geh meureun- moal jauh ti masalah pulitik jeung hukum tea nu geus dipedarkeun boh ku media citak boh ku media maya. Biasa bae ari sipat jelema mah, aya nu heuras reaksina, aya nu saukur haharewosan. Tapi aya keneh nu rada moderat tur konstruktif nyanghareupan geger sosial pulitik nu keur narajang Banten. Ceuk sababaraha tokoh mah, sigana Banten kuari keur geuring. Mun enya bisa diibaratkeun gunung mah, puncakna kaboehan ku halimun awakna poek ku reu’euk. Asa keueung nempo ragana.

Tah kusabab kitu, ceuk Bapa Haji Embay Mulya Syarif mah, salah saurang tokoh Banten tea, “Baris tokoh jeung kokolot Banten nu bareto kungsi mernahkeun Banten ngadek jadi Provinsi taun 2000, ngarasa boga tanggung jawab ngabebenah wewengkon Banten”. Naon pentingnya eta baris kolot jeung tokoh ngagugulukeun sawala deui?  “Nyaeta urang Banten kudu boga cecekelan nu pageuh dina kapamingpinan jeung mingpin Banten kuari jeung kahareupna”, pokna deui. Ari kitu mah paniatanna hade bae, sugan eta halimun jeung reu’euk peupeus peuray deui.  Atuh sugan bae Banten malik caang, katempo ujudna dina alam pamwangunan.

Turun gunungna baris kolot katempona lain lalawora. Penting jasa! Sabab dina poe Senen ping 24 Maret taun ieu, rahayat Banten bakal ngumpul deui ti sakabeh dayeuh jeung lembur, dina hajat nu bakal kacatet ku sajarah, nyaeta Kongres Rakyat Banten nu kadua. Kunaon matak disebut nu kadua, sabab ceunah mah Kongres nu kahiji geus diayakeun ping 5 Desember lima belas tahun kaliwat, nu katelah ngahasilkeun kaputusan yen Banten jadi Provinsi. Tah Kongres Rakyat Banten nu bakal digelar taun 2014 kuari, ceuk beja, didasaran ku kahayang muguhkeun Banten dina jalur nu kaprah. Sakumaha nu geus tetela dina ondanganna, yen sumangetna nyaeta “Ngahijikeun tekad, mulangkeun Banten ka cita-cita mimiti ngadegkeun Provinsi Banten”.

Matak urang kabehan, mun bisa mah kabeh rahayat Banten, milu ngahadiran eta kongres nu bakal diayakeun di Ruang Sidang Paripurna Gedung DPRD Provinsi Banten. Mun teu bisa mah, atuh wayahna, kusabab moal kawadahan, nu teu kaondang bisa ngadengekeun di luar gedong atawa nungguan katerangan ti media massa, naon bae nu bakal diputuskeun jeung naon bae nu bakal dilakonan ku urang Banten kuari jeung engke. Urang dagoan hasilna. Mugia hade keur urang kabehan, jeung anak incu nu bakal datang. Wilujeng Kongres!