Ngimpi teh penting.
Sahenteuna ngimpi we heula. Mun hayang boga daya saing, urang Banten kudu bisa naratas
jalan, pikeun ngamumule dayeuh, ditaraman ku ngawangun desa nu boga inovasi. Ari
desa inovatif naon? Nyaeta
desa nu mangpu ngangampaatkeun sumberdaya nu aya di sakuliah desa ku cara nu
anyar, nu bakal ngahasilkeun hasil nu anyar oge. Jadi sagala nu konvensional ti
kuari geus kudu ditinggalkeun. Tapi ulah kabeh, pilih bae nu kira-kira bakal
ngahambat kamajuan. Naon bisa kitu,
gerakan Inovasi napak di lembur urang? Kunaon
henteu, pan tadi tea, kahiji urang kudu ngimpi heula, bisa meureun mikir
empirik siga batur nu palinter, pan dimimitian ku nempo kenyataan nu aya.
Kaduana, atuh kudu bisa ngarasionalkeun, berpikir waras kitulah, ambeh urang
bisa ngujudkeun impenan tadi.
Tegesna, dina kahirupan ieu, urang kudu boga impenan! Ngimpi
urang, nyaeta muguhkeun kapastian yen
gerakan inovasi nu digembar-gemborkeun ku pamarentah kudu aya hasilna keur urang kabehan. Sugan we kahareup lembur
urang bakal jadi kawasan bisnis nu didasaran ku teknologi dina ngamangpaatkeun
kakayaan alam jeung lingkunganana. Sabab,
lembur nu boga watek sarua, boh wewengkon, kitu oge agama tur budayana, jeung
deui gampang dijugjug, atuh geus kuduna bisa dirancang jadi desa nu nyaman, aman tur ngagenahkeun, niscaya bakal loba
jelema nu daratang ke eta lembur. Sahenteuna keur liburan, susuganan bisa
balanja hasil produksi masyarakatna. Tapi naon bae nu bisa dijual ku urang lembur?
Gumantung ke potensi nu aya di dinya. Jadi naon salahna, mun ti kuari urang
ngalamun, jaga, lembur urang bakal maju kusabab ngabogaan pesona nu beda ti
lembur sejen, nyaeta produk inovatif nu dihasilkeun ku rekayasa teknologi tina bahan baku lokal, boh pepelakan boh
inguan. Mun hiji desa teu ngabogaan produk
inovatif, atuh pastina mah urang kabehan mung bisa ngahayal teu paruguh. Inovasi
ngan saukur dongeng success story nu
dipedarkeun dina unggal woskop. Maksudna workshop ….. !
Mun boga sumanget keneh, hayu atuh. Urang kudu
boga kawani ngajieun merek dagang sorangan, nyaeta “Innovative village di lembur
urang”. Mun enya rek dipedarkeun ka publik, sigana pantes diarahkeun ka promosi
desa, “diajar bari balanja”. “Diajar” atuh urang kudu daek minterkeun maneh
dina hal elmu jeung teknologi, sedengkeun ari “Balanja, dengdeungeun bakal
ngahargaan karya urang bari barang beuli nu aya di lembur. Ceuk jelema pinter
mah, “di mana aya kahayang di dinya aya jalan”, mun urang hayang ngabuktikeun,
atuh ti kuari kudu boga tekad nu kuat, ngalengkah nu teteg, insya Allah,
babarengan urang bisa! Jadi ulah ragu, ulah bimbang, maju terus.
Laju kunaon urang tasih keneh cicing, cicing,
jeung cicing bae? Lain
ngamajukeun lembur sorangan kalahkah nyiar gawe ka lembur batur. Ceuk kolot baheula mah, teu
aya jelema nu pupus ku sabab kacapean, tapi lolobana mah ku bimbang jeung ragu ….! Jadi Mun hirup euweuh parubahan ti wanci ka wanci, asana
mah hirup urang bakal sia-sia. Terus, naon nu bisa digawean kuari? Tah eta pertanyaan nu alus. Hayu urang taraman ku lengkah leutik,
tapi pasti, nyaeta kahiji urang kudu nalungtik
potensi naon nu aya di desa, kadua kudu dicatet widang naon nu jadi pokus bisnisna, tatanen, kekebonan, ingu-inguan, jijieunan, ngabengkel, jeung usaha sejena conto di widang layanan
atanapi jasa, ketilu kudu bisa nguatkeun naon
kira-kira produk unggulna, saha pangusahana, kamana dipasarkeun, kumaha ujud bisnisna, koperasi atawa usaha leuleutikan, sabaraha kauntunganana,
jeung kumaha lengkah saterusna, kaopat atuh
ulah poho, metakeun hahalangna, rumuskeun masalahna, jeung nyiapkeun jalan
keluarna. Nu kalima, sawalakeun diantawis kokolot, para ambu, jeung barudak ngora boh mojang boh jajakana, nu digugulukeun ku parangkat desa jeung ti kacamatan, bari ngahadirkeun ahlina; putuskeun bae, kira-kira naon nu kudu digawean keur manggihan solusina.
Kasimpulanna, mun
yakin bisa, urang kudu ngahasilkeun tujuan antara: (1) ngahudangkeun
sumanget kreatifitas, resep kana teknologi, ambeh bisa ngembangkeun budaya
inovatif di lembur urang, (2) nerekelkeun kabisa masyarakat dina ngembangkan
usaha jeung perekonomian di papada lemburna, (3) ngalobakeun mitra usaha boh
jeung kalangan industri boh jeung pamarentah dina bisnis nu ngandung teknologi.
Sedengkeun tujuan ahirna, nyaeta: (1) usaha nu didasaran ku teknologi bakal
maju di lembur urang, (2) ningkatkeun produktivitas jeung produk nu boga
daya saing internasional sahenteuna nasional, (3) ngabuka kasempatan usaha
anyar nu ngandung teknologi, (4) nyayagikeun lapangan usaha nu kreatif.
Panutup, sakadar ngingetan, ide gila leuwih hade tibatan gila ide!
Hampura kula. Diperhatikeun atawa teu diperhatikeun tetep
bae ngahaturkeun rebu nuhun. Nyiar beuti jauh ka gunung, balikna mawa
cempedak. Ari teu ngarti ulah pundung, hiji wanci bakal kapendak. Sakitu heula. Wancina ngopi !
Aucun commentaire:
Enregistrer un commentaire