dimanche 4 mai 2014

Seba Baduy Euweuh Duana



Taun ieu beda jeung taun kamari. Wanci Seba ragrag dina poe sabtu ping tilu sasih mei, dulur-dulur ti Baduy ngayakeun Seba ka Pemerintah Provinsi Banten. Ditarima ku Wakil Gubernur Banten. Rano Karno jeung rengrengan pamarentah di buruan gedung tilas pendopo gubernur kuloneun alun-alun kota Serang. Ritual Seba ditaraman ku wakil pamuka adat Baduy, Ayah Saidi, nu menta ku Gusti nu mahasuci, sing calageur kabeh rahayat Banten, sing balageur kabeh jelema dina ngajalankeun kahirupan, sing balener ngurus nagara apang kabehan aya dina kabagjan tur karahayuan lahir jeung batin.

Sanggeus kitu, Jaro Dainah salaku Kapala Desa Kanekes, ngawakilan warga Baduy nganuhunkeun yen pamarenah Provinsi Banten anu kuari aya dina tanggung jawab Wakil Gubernur salaku Bapa Gede, nu geus daek narima anu sakitu lobana urang Baduy ngajugjug ka dayeuh Serang, sekurang-kurangna taun ieu pamilu Seba leuwih ti saribu urang. “Kami terus ngadukung pamarentahan dina ngajalankeun pamwangunan Provinsi Banten, sabab kami geh ngilu barjuang ngadegkeun Banten jadi provinsi”. Mung Jaro menta, kuayana Seba ieu, wayahna pamarenah kudu terus ngaraksa budaya, ngalestarikan gunung nu aya di Banten. “Ti mimiti Gunung Karang, Pulosari, Aseupan jeung Ujung Kulon kudu terus dijaga, sabab eta penting lain saukur keur urang Baduy, tapi jang rahayat Banten kabehan, kitu deui keur bangsa Indonesia”, pokna teges.

Kitu deui dina urusan pulitik, Jaro ngarasa prihatin yen taun ieu mah Saba Baduy mung dihareupan ku Wakil Gubernur, nunjukkeun ayana masalah nu geus kuduna jadi palajaran kahareup dina ngajalankeun urusan pamarenahan. “Kami warga Baduy kabeh ngaharepkeun Provinsi Banten hiji mangsa kudu bisa ngaujudkeun daerah nu tetep aman terkendali, gemah ripah tata raharja”, kitu pamentana.

Ngawaler Jaro Dainah sakumaha nu geus tetela dibenyerbeaskeun tadi, Wakil Gubernur Rano Karno nunjukeun respek nu teu pisan-pisan luhurna kana tradisi Seba Baduy nu geus jadi agenda unggal taun. “Seba Baduy nyaeta hiji event budaya nu kudu terus dimumule ku urang kabehan, sabab tradisi ieu euweuh duana di daerah sejen, kecuali di Banten”, pok Rano muka sambutan. “Wajar mun Seba Baduy geus jadi perhatian dunya, malahan peuting ieu, urang kabehan diliput ku media nu daratang ti mamana, kusabab sakitu pentingnya ieu seba dina raraga ngamumule budaya”. Matak ceuk Rano deui, anjeuna sajalan jeung kahayang warga Baduy dina ngajaga lembur, ngalestarikeun lingkungan tur budayana.

Aucun commentaire:

Enregistrer un commentaire